Kaluar ti pasar, Mamah milarian dēlman, tapi
teu aya hiji-hiji acan. Aya gē bēca, Si
Emangna keur nundutan. Sanēs emang kētang,
da tos rada sepuh, pantesna di sebut Abah. Mamah sareng abdi hawatos bade
ngagugahkeun Si Abah tēh, tapi pan anjeunna gē nuju
milarian muatan. Digugahkeun wēh, mani tibuburanjat boa nuju
ngimpi Si Abah tēh.
Balanjaan dihanjatkeun kana bēca,
dibantuan Si Abah. Geuleuyeung maju lalaunan, kantenan basa nyorang tanjakan
mah bēca tēh karaosna asa gigibegan. Kumargi
hawatos ka Si Abah, Mamah bade lungsur tina bēca. Tapi saur Si Abah tēh wios
teu kedah turun, abah weh nu turunna. Teras abah ngadorong. Kakuping meni rerekētan bēcana.
Dugi karorompok, nuju panas ērēng-ērēngan.
Abah mani ngoprot kēsangna. Hawatos, jaba ngiring ngabantuan
nurun-nurunkeun balanjaan, teras dugi ka pawon. Di lebet, Mamah ngaharēwos, “Pasihan
cai eueut Si Emang saurna”. Teras Mamah ngawadahan kuēh kana
pisin, abdi nyician citēh bari kana lumur. Barang srog abdi ka payun, karērēt Si
Abah nuju ngalungsar- nyanghunjar lambar bari ngageberan salirana ku dudukuyna
nu rawing. Ēnggal kuēh dina pisin sareng caina
disimpen payuneun Si Abah. Nu di sangka badē haripeut tēh
kalahkah bengong neuteup leueuteun, teras Abah ningali ka abdi. Abdi mundur,
sieun Abah bendu. “Da Emang gē saum, Enēng.
Candakan deui we ka lebet”, saurna.
Rupina waē Mamah ngadangukeun, teras
norojol ka teras bari pupuntenan ka Abah teu cekap ku sakali punten deui-punten
deui. Sajabi ti diongkosan, Abah teh ku Mama dibahanan bēas, teu
kantun kuēh gē dibahankeun. Mani dodongkoan
Si Abah tēh nampina nganuhunkeun sababaraha kali. Malih aya
tambihna, “Diduakeun ku Emang, Ibu sing ēnggal-ēnggal
jarah ka Mekah”, saurna. Diaminan ku Mamah sareng Abdi.
Waktos Si Abah tos ngalēos, sanggem
abdi ka Mamah, “geuning tukang bēca gē aya nu
saumnya Mah?”,
“Muhun Mamah gē teu nyangka”, saur Mamah teras
ka jamban bade netepan duhur.
Lami teu tepang sareng Si Abah, dugi ka
boboran. Di Lapang Merdēka, sabubarna netepan Id, gok Si Abah. Horeng
namina tēh Bah Toha, harita sareng bojona sareng putrana
nu sapantar sareng abdi. Di aracuk, sanaos teu ginding ogē tapi
bereresih, katinggal sandal capit Bah Toha weuteuh kēnēh. Teu
hilap harita ogē Bah Toha ku Mamah sareng Apa dikeupeulan,
sapertos biasa wē nganuhunkeun sababaraha kali. Nuhun, nuhun,
nuhun. Alhamdulillahirobbil’alamin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar